Posted By Ahmed Munawar ChoLiL
Aya roda na tanjakan, katinggang ku pangpung
jengkol
Aya randa gogoakan, katinggang ku pohpor banpol
Batok kohok wadah huut, meuli eunteung jang
bikeuneun
Budak montok gede hitut, nyeri beuteung,
jeungjeuriheun
Kembang cula kembang tanjung, kembang sagala
domdoman
Rek sabulan rek sataun, moal weleh diantosan..
Mulung tanjung tengah gunung, meunang cangkilung
saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun, ceunah nulung malah
rahul
Pedah kuring kuralang kuriling, ucing ge’ring
ngahariring
Tengah peuting jempaling jempling, kuring
nyaring hayang ngising
Hayu mupu tiwu, ohan malah mobok pagu
Huntu linu murukusaunu, bongan tara ngosok huntu
Ka Jampang mawa pakarang, ajang pe’rang
makalangan
Ka akang naha sale’mpang, akang sayang ngan ka
yayang
Kaso pondok kaso panjang, kaso ngaroyong ka
mimbar
Sono mondok sono nganjang, sono ngaloyor ka
kamar
Saha we nu bade nyangke, kamari abdi nu ngajagi
Bebende nu hade hate, pamatri ati nu sajati
Colenak enak dicocol, Komo mun tambah kalapa
Beletak pitak ditakol, Poho mun sirah mitoha,
Hampura abah teu dihaja!!!
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun nya
dilebok..
Rincik rincang rincik rincang, aya roda na
tanjakan
Sidik pisan sidik pisan, nyai teh bogoh ka
akang..
Cikaracak ninggan batu, Laun-laun jadi legok
Nincak ruhak dina batu, Laun-laun ngagorowok
Budak leutik bisa ngapung, Eta kalong ngrana
Botak saeutik jiga celempung, Asa hoyong
ngarampa
Iwung bungkulna maju, nangka tangkalna dibabad
Indung tunggul rahayu, Bapak tangkal darajat
Daun hiris dibeungkeutan, dibawa ka juru leuiit
Anu geulis ngadeukeutan hayangeun dibere duit
Opat baris salah nyambung, mun tukang kakara
ngabangun
Omat geulis ulah pundung, mun akang kapaksa
nyandung
Aya listrik di masigit, caangna kamana mana
Aya istri jangkung alit, hanyakal geuning waria
Semoga dengan adanya kata kata lucu bahasa sunda
ini mampu berikan hiburan tersendiri buat anda yang tahu dengan bhs sunda. Buat
yang belum tahu anda dapat menggunakan kamus bhs sunda mau pun lebih gampangnya
bertanya segera terhadap orang sunda asli yang lebih tahu. semoga berfaedah
serta dapat jadi hiburan buat anda yang membacanya.
0 komentar:
Posting Komentar